B. Daerah

Pertanyaan

peucang jeung dan buhaya

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
    Kelas : - (SD)
    Pembahasan :

    Peucang jeung buhaya mangrupa palaku anu aya dina hiji dongeng anu judulna oge "Peucang jeung Buhaya". Dina eta dongeng teh peucang miboga watek anu pinter nepi ka bisa nipu ka buhaya, sedengkeun buhaya miboga watek anu gampang katipu saperti bisa katipu ku peucang. Umpama dina basa Indonesia mah peucang teh sok disebut kancil, sedengkeun buhaya dina basa Indonesia disebutna buaya.

    Dongeng teh mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto karya sastra dina wangun prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon. Anu jadi ciri khas dongeng nyaeta sok miboga carita anu pamohalan atawa carita anu henteu asup kana akal.

    Aya sawatara rupa dongeng, nyaeta parabel, fabel, mite, sasakala jeung sage. Dongeng Peucang jeung Buhaya kaasupna kana dongeng fabel. Dongeng fabel nyaeta nyaritakeun kalakuan sasatoan, tatangkalan, atawa barang, anu dicaritakeun siga kalakuan jalma, saperti aya sato anu bisa nyarita sarta ngagunakeun akal jeung pikiran.

    Carita pamohalan dina dongeng, saperti aya sato atawa tutuwuhan anu bisa nyarita, mangrupa unsur anu dipikaresep ku barudak. Kukituna dongeng mangrupa karya sastra dina wangun prosa anu paling dipikaresep ku barudak. Kusabab kitu, dina dongeng sok sering dieusi ku carita-carita anu bisa dijadikeun picontoeun atawa pieunteungeun pikeun barudak.

Pertanyaan Lainnya