mojang priangan anu digambarkeun dina eta lagu, keuna kana babasan ..... A.awak sampayan B.awak sabeulah C.ngukur awak sorangan D.awak satilas
B. Daerah
vaao
Pertanyaan
mojang priangan anu digambarkeun dina eta lagu, keuna kana babasan .....
A.awak sampayan
B.awak sabeulah
C.ngukur awak sorangan
D.awak satilas
A.awak sampayan
B.awak sabeulah
C.ngukur awak sorangan
D.awak satilas
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Mojang priangan anu digambarkeun dina eta lagu, keuna kana babasan awak sampayan. Harti tina babasan awak sampayan nyaeta jalma anu sok kacirina alus jeung pantes umpama make baju atawa pakean naon wae.
Lagu Mojang Priangan teh kaasupna kana rupa lalaguan Sunda anu disebut kawih. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Dina kawih aya sababaraha unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi rumpaka kawih.
Naon sababna dina nilik eusi rumpaka hiji kawih teh kudu ngagunakeun unsur-unsur anu aya dina rumpaka kawih?. Sabab eusi rumpaka hiji kawih henteu acan tangtu bisa langsung dihartikeun ku ngan saukur nilik kana kekecapan anu aya dina hiji kawih.
Kadang-kadang kekecapan anu aya dina rumpaka kawih bisa mangrupa bagean anu disebut cangkang jeung bagean anu disebut eusi. Saperti contona dina kawih Es Lilin aya kekecapan anu nyaritakeun kadaharan nyaeta Es Lilin jeung kekecapan anu nyaritakeun ngeunaan asmara atawa silihasih.
Kekecapan ngeunaan kadaharan anu aya dina kawih Es Lilin sabenerna mangrupakeun bagean eusi tina eta kawih, sedengkeun anu jadi bagean eusi tina kawih Es Lilin nyaeta kekecapan anu ngeunaan asmara atawa silihasih. Kitu oge dina kawih Bubuy Bulan, aya bagean cangkang jeung bagean eusi.
Kukituna diperlukeun unsur-unsur anu aya dina hiji kawih pikeun nilik rumpaka hiji kawih. Unsur-unsur anu aya dina rumpaka kawih nyaeta unsur jejer atawa tema, nada jeung suasana, rasa, jeung unsur amanat.