B. Daerah

Pertanyaan

kadaharan has bandung anu bahanna tinna peuyeum nya eta.......

a. dodol peuyeum
b. colénak
c. kolek peuyeum
d. peuyeum bakar

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda
    Kelas : - (SMP)
    Pembahasan :

    Kadaharan has Bandung anu bahanna tinna peuyeum nyaeta colenak. Colenak nyaeta kadaharan anu dijeunna tina goreng peuyeum sampeu anu kadang ditambah oge ku goreng cau make kinca jeung dipurulakan ku goreng suuk anu dipekprek. Colenak mangrupa singgetan tina dicocol enak, kusabab kitu ngadaharna oge colenak mah bari dicocol-cocol.

    Kusabab loba anu mikaresep, eta kadaharan colenak teh nepi ka dijieun kawih anu judulna "colenak". Dina kawih colenak disebutkeun yen colenak teh ngeunah seger matak sehat kana awak jeung hargana oge murah. Dina eta kawih oge disebutkeun colenak dicocol enak anu ompong oge teurak, colenak cacah menak sagala pada misuka.

Pertanyaan Lainnya