B. Daerah

Pertanyaan

kumaha kalungguhan kakawihan pikeun barudak sunda

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kaulinan
    Kelas : II (2 SD)
    Pembahasan :

    Kakawihan nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta saperti kakawihan, kawih jeung tembang. Kakawihan, kawih jeung tembang, ditilik tina rumpakana, oge mangrupa karya sastra dina wangun puisi. Umpama kakawihan jeung kawih mah mangrupa wangun puisi anu henteu kauger ku aturan, tembang mah mangrupa wangun puisi anu kauger ku aturan, nyaeta aturan pupuh.

    Anu ngabedakeun kakawihan jeung kawih nyaeta yen kakawihan mang biasa dihaleuangkeun dina waktu keur ulin atawa keur digawe, sedengkeun kawih mah biasa dihaleuangkeun dimana wae jeung iraha wae. Jadi, kalungguhan kakawihan pikeun barudak Sunda nyaeta sok digunakeun dina salah sahiji rupa kaulinan barudak Sunda. Aya dua rupa kaulinan barudak Sunda, nyaeta kaulinan anu ngagunakeun kakawihan jeung kaulinan anu henteu ngagunakeun kakawihan.

Pertanyaan Lainnya