B. Daerah

Pertanyaan

Jien kalimah bilangan tina kecap:
A. Sapuluh
B. Sagandu
C.saleter
D. Sakilo

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Paguneman
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Hiji kalimah anu miboga subjek atawa jejer, predikat atawa caritaan, objek jeung katerangan disebut kalimah lengkep. Kalimah bilangan nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap bilangan. Dihandap ieu conto kalimah bilangan :

    A. Anu hadir dina rapat teh aya sapuluh orang
    B. Gula anu dibeuli teh ngan sagandu
    C. Beas teh saleter cukup
    D. Eta uyah teh sakilo

    Salian ti kalimah bilangan, aya oge anu disebut kalimah barang, kalimah sifat jeung kalimah pagawean. Kalimah barang nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap barang. Kalimah sipat nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap sipat atawa kaayaan. Sedengkeun kalimah pagawéan nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap pagawean.

Pertanyaan Lainnya