terangkeun naon ari nu disebut guru lagu jeung guru wilangan
B. Daerah
nugrahanaisyla
Pertanyaan
terangkeun naon ari nu disebut guru lagu jeung guru wilangan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Guru lagu jeung guru wilangan nyaeta aturan anu aya dina puisi, saperti dina pupuh. Guru lagu nyaeta aturan anu aya patalina jeung sora tungtung engang unggal padalisan anu aya dina puisi. Sedengkeun guru wilangan nyaeta aturan anu aya patalina jeung lobana engang dina unggal padalisan puisi jeung lobana padalisan dina sapada puisi.
Umpama ditilik tina rumpakana, aya puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta saperti aturan guru lagu jeung guru wilangan, jeung aya deui puisi anu teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Conto puisi Sunda anu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan nyaeta saperti sajak jeung kawih