B. Daerah

Pertanyaan

naon anu dimaksud pupuh?

1 Jawaban

  • Pupuh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Umpama ditilik tina wangun eusinya, aya dua rupa puisi, nyaeta puisi Sunda anu eusina mangrupa carita jeung puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan jeung sajak.

    Umpama ditilik tina wangun rumpakana, aya puisi Sunda anu kaiket ku aturan jeung puisi Sunda anu henteu pati kaiket ku aturan. Conto puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta saperti wawacan jeung guguritan. Wawacan jeung guguritan kaiket ku aturan pupuh. Aturan anu aya dina pupuh disebutna guru lagu jeung guru wilangan. Conto puisi Sunda anu henteu pati kaiket ku aturan, saperti aturan pupuh, nyaeta sajak jeung kawih. Sanajan mangrupa lalaguan Sunda, kawih oge mangrupa karya sastra wangun puisi.

    Puisi Sunda anu biasa ngagunakeun aturan atawa patokan pupuh nyaeta guguritan jeung wawacan. Aya 17 rupa aturan pupuh, anu dikelompokkeun jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa aturan pupuh, sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa aturan pupuh. Puisi Sunda anu ngagunakeun pupuh dina nepikeunnana biasa dihaleuangkan ku tembang. Pupuh anu aya dina Sekar Ageung biasa dihaleuangkeun ngagunakeun leuwih ti hiji rupa tembang. Sedengkeun pupuh anu aya dina Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ku hiji rupa tembang. Wawacan biasa ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Ageung. Sedengkeun guguritan biasa ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Ageung atawa Sekar Alit.

Pertanyaan Lainnya